Download lagu MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi Mp3

MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi

Uploader: Akoer Lah

Duration: 6 Menit 23.00 detik

Fast Download



Klik kanan dan open LINK new Tab setelah proses convert selesai
Apabila tampil halaman iklan, tutup halaman tersebut Lalu klik kembali Tombol DOWNLOAD MP3/MP4

Deskripsi:

Title: MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi
Contributing Artist: Akoer Lah
Album: MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi - Single
Date: 16 September 2020
Duration: 6 Menit 23.00 detik
Type of file: Audio MP3 (.mp3)
Audio Summary: mp3, 44100 Hz, stereo, s16p, 128 kb/s

Tema : Mengenal Salah Seorang Tokoh Seniman Karawitan Sunda Mang Koko
Koko Koswara, nénéhna Mang Koko, lahir di Kacamatan Indihiang, Tasikmalaya, 10 April 1917. Ramana Ibrahim alias Sumarta, aya teureuh ti Sultan Banten (Sultan Hasanuddin).
Anjeunna kagungan putra 8, diantawisna Tatang Benyamin Koswara (nu nuluykeun perjoangan Mang Koko, tug dugi ka rénghap pamungkas ), Ida Rosida (salah sawios juru kawih kakoncara, tiasa ogé jadi juru nembang, tur kungsi maén sinétron "Inohong di Bojongrangkong").
Atikan anjeunna dikawitan ti HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Mang Koko kalebet anu ta'at sareng patuh kana agamana (Islam).
Padamelanna dikawitan ti taun 1937, mangsa bangsa urang nyanghareupan révolusi. Saterusna patutur-tutur didamel di: Balé Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Harian Cahaya (Cahaya Simbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Propinsi Jabar, guru anu saterasna janten Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di ASTI (Akademi Seni Tari Indonesia), Bandung, dugi ka pupusna ping 4 Oktober 1985.
====================================
BAKAT SENI SARENG KARYA-KARYANA
Bakat senina ngocor ti ramana anu kacatet salaku juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran. Saterasna anjeunna diajar ku nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu parantos moyan, ogé neuleuman hasil karya widang karawitan ti Radén Mahyar Anggakusumadinata (musikolog).
Anjeunna oge kacatet salaku anu ngadegkeun rupa-rupa pakumpulan kasenian, diantarana: Jenaka Sunda "Kaca Indihiang" (1946), "Taman Murangkalih" (1948), "Taman Cangkurileung" (1950), "Taman Setiaputra" (1950), "Kliningan Ganda Mekar" (1950), "Gamelan Mundinglaya" (1951), jeung "Taman Bincarung" (1958).
Ogé anjeunna anu ngadegkeun sakaligus jadi pupuhu munggaran ti "Yayasan Cangkurileung" puseur, anu cabang-cabangna sumebar di lingkungan sakola-sakola sakuliah Jawa Kulon. Anjeunna ogé anu ngadegkeun tur pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara "Akademi Seni Karawitan Indonesia" (ASKI), Bandung (1971). Kungsi anjeunna medalkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Karya cipta kawih-kawihna dikempelkeun dina buku-buku, boh anu kungsi dipedalkeun atawa anu masih mangrupa naskah-naskah, diantarana: "Resep Mamaos" (Ganaco, 1948), "Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952), "Ganda Mekar" (Taraté, 1970), "Bincarung" (Taraté, 1970), "Pangajaran Kacapi" (Balébat, 1973), "Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984), "Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984), "Layeutan Swara" (YCP, 1984), "Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jrrd.
Karya-karyana sanés ukur dina widang kawih, nanging ogé dina widang seni drama sareng gending karesmen. Dina lebah dieu kacatet, upamana bae: "Gondang Pangwangunan", "Bapa Satar", "Aduh Asih", "Samudra", "Gondang Samagaha", "Berekat Katitih Mahal", "Sekar Catur", "Sempal Guyon", "Saha?", "Ngatrok", "Kareta Api", "Istri Tampikan", "Si Kabayan", "Si Kabayan jeung Raja Jimbul", "Aki-Nini Balangantrang", "Pangeran Jayakarta", "Nyai Dasimah".
=================================
PANGAJÉN KA MANG KOKO
Mang Koko ginuluran seueur pangajén, boh anu asalna ti pamaréntah, lembaga atawa organisasi masarakat (LSM), upamana baé: Piagam Wijayakusumah (1971), salaku pangajén pangluhurna ti pamaréntah puseur (id: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan) dina kategori "Sebagai Pembaharu dalam Bidang Seni Karawitan".
Tina riwayat ringkes kahirupan Mang Koko, urang bisa nyawang hiji tokoh anu masrahkeun jiwa ragana pikeun kahirupan jeung kalanggengan seni, hususna seni Sunda. Jembarna, pikeun anjeunna, merenah upami urang ngalélér gelar salaku "pahlawan panglelemes jiwa". Sabab, sakumaha kasauran anjeunna kénéh dina salah sahiji kawihna: seni téh ngarupakeun panglemes jiwa.
#mang_koko_koswara
Download Lagu Gratis MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi di Gudang Lagu - Lagu456, Download Lagu MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi Mp3 - Lagu Terbaru. Download Lagu MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi ,Download Video MANG KOKO NUJU NGACAPI Rekaman Pribadi 3gp Mp4
Click to Install Lagu456.vip